Thursday 17 April 2008

Bade iraha?

Kembang layung tinggarupay
ruag rieug kabeulit angin
pucukna rancag
putikna ligar
tingbureuleuk ngahariring

Kembangna mekar sataman
seungitna seukeut, hihiliwiran
beureum bodas, koneng kayas
estu mager hate nu welas
matak waas ngahelas

Nyandingan nu dipiasih
ngantosan nu dipimelang
aya sieun nu nyimbutan
prasangka kokolebatan
gegebegan nyorang jalan
rantag runtug milang jaman

Gening enya mangsa teh seueur tikungan
angin oge aya kadar gelebugna
hujan nyorang babanjiran
guludug boborelakan

iraha atuh anjeun teh mulang
aya beja nu kedah dimomolekeun
aya warta nu kedah dikedalkeun
aya jangji nu kedah dicarioskeun
estu alim mapay gawir
alim mapay lamping
lamun heg teu disarengan


-kangen Bandung-

2 comments:

Iqbalbae said...

semoga keinginan pulang kampungnya tercapai. :)

Rachmawati said...

iya nih, kangen rumah.

Popular Posts